Rabu, 18 Agustus 2010

= Ngaguar Buku kumpulan carita pondok (carpon) " Layung Katumbiri"


Ngaguar Buku kumpulan carita pondok (carpon) " Layung Katumbiri"

Waktu
Sabtu · 16:00 - 17:30

TempatKampus STIE DR. KHEZ. Muttaqien
Jalan Kolonel Kornel Singawinata No. 82 Situ Buleud
Purwakarta, Indonesia

Dibuat oleh:

Info Selengkapnya
Nunung Saadah, medal di Jatiluhur, Purwakarta, tanggal 20 Desember 1987. Karesepna kana kurung-karang dina basa Sunda, ngamangpaatkeun rubrik “Mupu Kembang” nu diancokeun koran Galura pikeun barudak nu hayang dialajar ngarang. Alatan mayeng ngirimkeun karangan ka Galura sarta teu weléh dimuat, ahirna meunang “layang Pangajen” hadiah sastra ti LBSS (Lembaga Basa jeung Sastra Sunda) taun 2001 keur tingkat SLTP/SMU/Mahasiswa.

Sataun ti harita meunang deui pangajén. Ieu mah ti Mangle. Pédah jadi pinunjul dina “Saémbara Ngarang Manglé Alit jeung Rumaja” taun 2001, tapi dileler pangajén jeung hadiahna taun 2002. Teu kagok deuih, dua kajuaraan nu dihontal, juara ka-II tina tulisan nu jejerna “Katineung” jeung carita “Supa Lumar” jadi juara ka-III. Alatan éta kungsi jadi profil na rubrik “Béntang Sulintang ”Manglé Alit”, Manglé No. 1849 taun 2002.

Kiwari medalkeun buku munggaran Kumpulan carita pondok (carpon) "Layung Katumbiri". Anu kandelna 98 kaca ngawengku 23 jejer carpon diantawisna: Ajal (Mangle No 2260); Babu Arab (Mangle No. 2272); Meri Kolot (SundaMidang No.58); Kaduhung (Tribun Jabar No.3655); Menejer (SundaMidang No.55); Leungit Duit (Mangle No. 2278). Dipedalkeun ku Penerbit Pustaka Sami Bandung.

Ayeuna nganjrek di Kp. Bungurjaya No. 362 RT 08/04 Desa Pasawahan Kacamatan Pasawahan, Kab. Purwakarta. E-mail: Phinichan_06@yahoo.co.id.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar